1.
Nami abdi nyaeta Batari Anggraeni,Wedal di Tasikmalaya,30 Desember 1997,manehna nyaeta anak katilu ti lima duduluran, ti pasangan Kamaruddin sarta Siti Zubaidah.
Iyang nyaeta panggero dalit na, abdi dijurukeun di kulawargi anu basajan pisan, Bapana saurang Guru honorer di hiji madrasah tsanawiyah, sedengkeun Indungna didamel minangka buruh di pabrik sapatu tak tebih ti imahna. Saprak alit anjeunna sok di nasehati ku bapana kanggo sok kersaan beribadah,jujur sarta sae ka sasama.
Sabot tos yuswaan 6 warsih,manehna mitembeyan atikan di SDN 1 Ciawi,Tasikmalaya,saterusna sanggeus lulus anjeunna neruskeun atikanana di SMPN 1 Tasikmalaya di warsih 2009. Selepas lulus ti SMP di warsih 2012,anjeunna ngiring Mamang na cicing di dayeuh Bandung sarta neruskeun atikanana di SMA xx Dayeuh Bandung.
Sabot nyejek kelas X SMA kasebat,anjeunna ngiring pasanggiri nyerat puisi anteur sakola se-Dayeuh Bandung ,sarta puisinya anu dijudulan “ Senja di Kulon Cikapundung " barobah kaayaan jawara ka 3 dina lomba kasebat. Tangtos wae ieu midamel hatena gumbira sarta beuki bersemangat dina nyerat,utamana puisi-puisi bertemakan lingkungan. Kanggo na lingkungan mangrupa salah sahiji aspek peryogi dina kahirupan margi lingkungan anu bersih sarta asri tiasa midamel jiwa jalmi kiat sarta damang.
sajaba ti eta manehna oge aktip dina sagala rupa kagiatan di sakola,Batari ngagabung kalawan organisasi Pramuka sarta oge kantos nyekel kalungguhan minangka pamingpin redaksi majalah dinding sakola.
ayeuna anjeunna diuk keneh di kelas XII SMA jurusan Nalika,sanggeus lulus antos mojang berkulit hideung manis ieu boga rencana kanggo neruskeun kuliah di jurusan Sastra Indonesia Universitas Gajah Mada (UGM) Yogyakarta.
2.
Nami abdi Cep Hendri Efendi, atanapi rerencangan mah sok ngalandi kusebutan Ceper boh disakolaan boh dilembur etamah. Abdi dibabarkeun di BantarKuning, Kecamatan Cariu, Kabupaten Bogor, Provinsi Jawa Kulon – INDONESIA, Ping 09 Mei Taun 1996.
Abdi anak Cikal, putra ti Bapa Ujang Mulyani sareung Umi abdi nyaeta Ani Sutiyani. Rayi Abdi namina Bunga Alvi Mulyani. Umuran 13 taun nuju abdi kelas 1 SMP abdi ngagaduhan hobi nyaeta Ngutak-Ngatik Komputer.
Awalna abdi wanoh kana salah sahiji Software atanapi perangkat lunak anu namina Microsoft Word, nyaeta salah sahiji program pengolah kata. Salian ti Microsoft Word masih seuer Software anu sok ku abdi diutak-atik diperdalam lamun cena Bahasa Indonesia n amah.
Hiji wangsa abdi dipasihan pancen ku Guru TIK nyaeta dipiwarang ngadamel E-Mail nyaeta kapanjangan ti Elektronik Mail anu gunana nyaeta sarana Komunikasi tapi carana Elektronik nyaeta nganggo perantara Internet.
Abdi wanoh kana Jaringan Internet nyaeta nuju abdi umuran 11 taun kelas 5 SD, di Internet seuer Beja atanapi Berita, Informasi nukumaha bae oge, mun urang haying terang sajarah-sajarah bangsa Indonesia keur jaman baheula tinggal milarian dina Situs Internet, Jejaring Sosial nganggo perantara Browser.
Sareung di Internet oge seuer hiburan ,mun urang hoyong lagu tembang atanapi pupuh tinggal ngadownload, hoyong video tinggal download, sareung sajabana. Saking resepna abdi kana Ilmu Komputer abdi ngagaduhan Cita-Cita nyaeta hoyong Janteun Sarjana Komputer, abdi hoyong janteun Guru disalah sahiji Sakolaan Negeri. Abdi hoyong ngajarkeun ka murid-murid abdi Teknologi Informasi sareung Komunikasi.
Supaya urang Indonesia the palinter gaduh pangarti atanapi ilmu anu bermanfaat, oge supaya teu Gaptek(Gagap Teknologi), sareung tujuanna supaya teu ka elehkeun ku bangsa batur urang luar negeri.
Atuh kukituna mugiya cita cita abdi anu mulia ieu dikabul ku Gusti Awloh…Aamiin. Ilmu dibidang Teknologi Informasi sareung Komunikasi ieu kacida pentingna kanggo bangsa urang Indonesia.
Lian supaya teu Katinggaleun jaman oge keur ningkatkeun pangarti kanggo diri nyalira, kanggo ningkatkeun tarap hidup anu sae, berperan aktif dina raraga masihan aspirasi ka pemerintahan oge gunana kanggo mencerdaskan kehidupan bangsa, bangsa urang nyaeta Indonesia.
Ilmu kacida pentingna boh eta elmu Agama oge Ilmu Dunia. Ngara Ilmu moal buruk diteundeun , hirup mamawa ilmu henteu berat kawas manggul batu, da nungarana ilmu mah icingna dina pangarti jelema, dina akal anu sehat.
Ilmu tiasa dimanfaatkeun diantarana Ngawartosan anu teu wanoh, Ngabantosan anu butuh, Sodakoh pikiran nganggo ilmu asup kana ibadah. Nujadi tujuan hirup jelema di Dunia sareung di Aherat nyaeta kasenangan, Kasenangan di Dunia boh di Aherat tiasa diperoleh kulantaran urang ngaduhan Ilmu. Hirup sareung Ilmu moal kapahung, Hirup sareung Ilmu moal Kaduhung.
Advertisement
Home »
Atobiografi
» Kumpulan Contoh Atobiografi Lengkap tentang Teman
Kumpulan Contoh Atobiografi Lengkap tentang Teman
Ditulis ku: Kustian Two | Sunday, May 5, 2019
Hatur nuhun parantos nyempetkeun waktos kanggo maos Atobiografi
tina judul Kumpulan Contoh Atobiografi Lengkap tentang Teman
Hatur Nuhun..